Selasa, 09 Juni 2009

Kawajiban Ngabogaan Tauhid


Pameunteun Hukum Syara’
Kana Elmu Tauhid


1. Kawajiban Ngabogaan Tauhid

Hukum Syara’ ngawajibkeun ka sakabeh jalma nu ngabogaan akal sarta geus baligh (Mukallaf) pikeun ngabogaan tauhid, nyaeta nganyahokeun jeung ngayakinkeun kana ayana Allah, sabab sah jeung henteuna iman hiji jalma diukur tina katauhidannana.
Kawajiban ngabogaan tauhid diterapkeun ti ngawitan akil baligh tumiba, ku sabab kitu sakiceup wae dina mangsa geus baligh katauhidan leungit, ngandung harti eta jalma geus ngalaman kafir. Ku kituna, samemeh nicak kana baligh dikudukeun pisan neuleuman elmu tauhid leuwih tiheula, etang-etang sasayagian sarta pikeun ngajaga laku supaya teu ngalaman kafir leuwih tiheula. Al-Baqarah ayat 21-22 :

He Manusa ! Geura ibadah ka Pangeran anjeun nu geus nyiptakeun anjeun jeung jalma-jalma samemeh aranjeun, supaya anjeun jadi jalma nu taqwa. Anjeuna nu geus ngajadikeun bumi minangka titincakan pikeun anjeun, sarta langit minangka suhunan, jeung Anjeuna ngalungsurkeun hujan ti langit sarta Anjeuna ngahasilkeun kalawan eta cai hujan mangrupa-rupa bubuahan pikeun rizki keur anjeun, ku kituna pama ulah ngayakeun sekutu ka Allah, padahal anjeun geus apal.
Kecap ߉ç6ôã$# ngandung harti Kudu ibadah anjeun sakabeh, nu dimaksud nyaeta lain ngan saukur ibadah saperti Sholat, Zakat, Puasa, Munggah Haji wungkul, tapi nu leuwih utama tina ibadah nyaeta ngabogaan tauhid/kaimanan ka Allah, sabab jalma nu can iman ka Allah (kafir) mah teu sah ibadahna.

Kecap öNä3s)n=s{“Ï%©!$# ngandung harti Nu geus nyiptakeun anjeun sakabeh, nu dimaksud nyaeta, nuduhkeun yen parentah ibadah dina ieu ayat aya patalina jeung sasakala diciptakeunna manusa, hal ieu nuduhkeun yen parentah ngabogaan tauhid teh kudu dibarengan ku dalil, boh dalil Aqli atawa dalil Naqli.
Dina tungtung ayat aya kecap (#YŠ#y‰Rr& Ÿ¬! (#qè=yèøgrB xsù nu hartina Jeung poma anjeun ulah ngayakeun sekutu ka Allah, nu dimaksud nyaeta, manusa dina katauhidanna lain ngan nyaho kana ayana Allah wungkul, tapi kudu dibarengan ku cara teu ngabenerkeun aya deui pangeran kajaba ti Allah.

2. Ngucapkeun Syahadat

Iman ka Allah diikrarkeun kalawan ngucapkeun Syahadat sakumaha kaunggel :
_!#Aq™Ž#‰KhsBhb#‰gh©#r ÇáâÈ _!#_w#m<#wû#‰gh©#
Abdi nyaksi yen teu aya deui Pangeran anging Allah, sareng abdi nyaksi yen Nabi Muhammad eta utusan Allah.

Para Ulama parantos sapuk yen ngucapkeun Syahadat teh mangrupakeun Rukun Islam, mangka saha jalma nu teu ngucapkeun dua kalimah Syahadat manehna teu kaasup Islam, sok sanajan dina hakekatna manehna iman kana ayana Allah, sakumaha kaunggel dina Hadist nu diriwayatkeun ku Bukhory (Hadist Al-Arba’in)

Ti Umar R.A, Saestuna Rasulullah SAW tos ngadawuh: Kami diparentahkeun pikeun merangan jalma-jalma nepikeun maranehna nyaksi (ngucapkeun Syahadat) yen “Teu aya deui Pangeran anging Allah jeung Saestuna Muhammad teh utusan Allah” jeung ngadegkeun Sholat sarta ngaluarkeun Zakat. Samangsa maranehna migawe eta kabeh, mangka Kami ngajaga getih tur harta banda maranehna, kajaba hak-hak nu aya patalina jeung Islam, saterasna hisaban maranehna disanggakeun ka Allah.

Dina hal ngucapkeun Syahadat nu dibarengan ku kaimanan, para Ulama ngagaduhan sababaraha pamandang diantawisna:
1. Imam Al-Asy’ari sareng Al-Maturidy (Muhaqiqin) mandang yen ngucapkeun dua kalimah Syahadat teh mangrupikeun sarat sahna iman.
Ulama Jumhur masihan katerangan ngeunaan pamandang Imam Al-Asy’ari sareng Al-Maturidy, yen nu dimaksad sarat sahna iman teh nyaeta pikeun nga-sahkeun hukum Islam di Dunya, saperti hukum nikah, waris, sholat sareng sajabina. Sedengkeun dipayuneun Allah, nu di tingal teh nyaeta atina sanes ucapannana. Lamun atina iman kalebet Mu’min sarta pibalikeuna teh Sawarga, kitu deui samulihna lamun dina atina taya kaimanan sok sanajan ngucapkeun Syahadatain, teu kaasup kana golongan Mu’min sarta pibalikeuna teh Naraka.
2. Imam Abu Hanifah, ngagaduhan kamandang yen ngucapkeun Syahadatain teh satengan tina iman, sabab Iman jeung Syahadatain mangrupakeun rangkepan dohir jeung batin.

3. Syahadat Munjin

Sakumaha nu tos disebatkeun di luhur, wirehna pikeun ngajadi jalma iman teh teu cukup ngan ku ngucapkeun Syahadat wungkul, lantaran masalah kaimanan mah lain masalah lahiriyah ngalainkeun masalah hate atawa kajiwaan. Kumargi kitu dina ngucapkeunna oge kedah dilenyepan kalawan saenyana. Syahadat nu dilenyepan kalawan saenyana ieu teh disebatna Syahadat Munjin, nyaeta Syahadat nu bakal nyalametkeun manusa engke di akhir.
Anapon nu dimaksud Syahadat Munjin nyaeta Syahadat nu dibarengan ku :
1. Ma’rifat, nyaeta hate ngaku yen Allah teh Pangeran tur Muhammad teh utusan Allah.
2. Idz-dzi’an, nyaeta hate narima mangeran ka Allah sarta narima karasulan Nabi Muhammad.
3. Qobul, nyaeta hate narima sakabeh ajaran Allah jeung RasulNa, tug dugi ngajadi ageman hirup.
4. Lafad/kecap, nyaeta kalimah nu diucapkeun kudu basa Arab, teu bisa digenten ku basa sejen sok sanajan dina maknana eta basa teh sarua.
o Ma’rifat
Dina ngucapkeun Syahadat teh kudu dibarengan ku hate nu ma’rifat nyaeta nu dibarengan ku:
v Idrokun Jazimun, nyaeta ngayakinkeunna teh kalawan saenyana nepikeun taya deui mangmang dina hate, yen saestuna teu aya deui Pangeran anging Allah jeung Muhammad teh utusan Allah.
v Muwafiqun Lil Waqi’i, nyaeta naon nu dipikayakin ku urang teh saluyu jeung kanyataannana sakumaha nu kasebat dina elmu tauhid.
v Nasyi’un ‘Andalilin, nyaeta ngayakinkeun kana ayana Allah teh dibarengan ku dalil nu bisa mancegkeun pamadegan, boh dalil aqli atawa dalil naqli.
Anapon nu kedah dima’rifatkeun teh nyaeta:
· Dzat Allah sareng sifat-sifatNa.
· Dzat Rasul sareng sifat-sifatNa.
· Nu Mumkin di Allah sarta di Rasul.
· Nu wajib jeung nu mustahil di Allah jeung RasulNa.

o Idz-dzi’an.
Pikeun disebutkeun Mu’min teh teu cukup ku ngacapkeun Syahadat nu dibarengan ku ma’rifat wungkul, sajabana ti eta kedah oge disarengan ku ayana pangakuan yen Allah teh Pangeran abdi sarta Nabi Muhammad teh Rasul abdi. Jadi saupama aya nu ngayakinkeun yen Allah teh Pangeran sarta Muhammad teh Rasul Allah, tapi manehna teu narima mangeran ka Allah jeung teu ngaku kana karasulan Nabi Muhammad, dipayuneun Allah eta jalma teu kaasup kana golongan jalma iman, saperti ucapan salah sahiji pamingpin bangsa Yahudi di zaman Nabi nyaeta Abdullah bin Salam, manehna ngecap : “ kuring yakin yen Muhammad teh saenya-enyana Rasul Allah jeung Nabi pamungkas, sakumaha kuring yakin ka anak kuring sorangan, samalah ka Nabi Muhammad kuring leuwih yakin (ma’rifat)”. Jalma sarupa kieu disebutkeun dina Al-Qur’an surat Al-Baqarah ayat 146 :
¼çmtRqèù̍÷ètƒ $yJx. tbqèù̍÷ètƒ öNèduä!$oYö/r& (
Jalma-jalma (Yahudi jeung Nasrani)nu geus dibere Kitab (Taurat jeung Injil) apal (ma’rifat) ka Muhammad sakumaha maranehna apal ka anak-anakna sorangan. Jeung saestuna sabagian di antara maranehna nyumput-keun kabeneran, padahal maranehna geus apal.

o Qobul.
Sing saha jalma anu dina hatena teu narima kana ajaran Allah jeung RasulNa, manehna teu kaasup jalma Mu’min, sok sanajan manehna geus ma’rifat jeung Idz-dzi’an sarta ngalaksanakeun ajaran Allah jeung RasulNa.
Salaku bukti yen eta jalma geus Qobul, eta jalma kudu wani ikrar:


Abdi rido ka Allah mangeran, jeung ka Islam abdi ngagem Agama, jeung ka Nabi Muhammad abdi nga-Nabi tur nga-Rasul, jeung kana Qur’an abdi ngimam, jeung ka jalma-jalma Mu’min abdi midulur.

Sajabina ti Allah sareng rasul-Na, wajib oge ku urang dima’rifatkeun ngeunaan ayana alam gaib sakumaha dawuhan Allah dina surat Al-Baqarah ayat 3-4
tûïÏ%©!$# tbqãZÏB÷sムÍ=ø‹tóø9$$Î/ ------- ÍotÅzFy$$Î/ur ö/ãf tbqãZÏ%qãƒ
Manehna (nu taraqwa) nyaeta nu iman kana perkara nu gaib, sarta maranehna yahin kana ayana kahirupan akherat.
Anapon nu disebut alam gaib diantarana nyaeta:
o Alam Barzah
o Alam Ba’ats/tina kubur
o Mahsyar/tempat kumpul
o Mauqif/tempat nunggu hisaban
o Mizan/timbangan amal
o Syafa’atul Udhma
o Sawarga
o Naraka
o Shirothol Mustaqim
Jalma nu ma’rifat, idz-dzi’an, qobul jeung ngucapkeun Syahadat tapi hanteu ngalaksanakeun ajaran-ajara Islam disebut Mu’min Fasiq. Jalma nu ngalakonan ajaran Islam tapi hatena teu ma’rifat, idz-dzi’an jeung qobul disebut Mu’min Munafiq.

5. Tingkatan Iman

Sakumaha nu kaunggel dina Qur’an jeung Hadist, yen kaimanan teh kadang sok nambahan kadang sok ngurangan, mangka para Ulama ngabagi kaimanan kana lima tingkatan nyaeta:
1. Iman Taqlid.
Nyaeta kaimanan hiji jalma nu teu dibarengan ku dalil/argumentasi, manehna ngan saukur tuturut nu lain, tapi hatena yakin jeung jazim kana ayana Allah.
Dina ngahukuman Iman Taqlid para ulama ngagaduhan pamandang nu barenten diantawisna :
a) Al-Asy’ari, Abi Bakrin Baqilani, Imam Malik sareng Imam Haromaen, pamandangna nyaeta yen Iman Taqlid teh hukumna sah, ngan dosa eta jalma alatan tuturut munding tanpa ngabogaan dalil.
b) Ibnu ‘Arobi sareng Iman Sanusi, “Iman Taqlid teh teu sah”, namung dina Kitab Kubro Imam Sanusi nyabut deui pamandangna.
c) Imam Dasuqi, “Iman Taqlid teh sah”ngan dosa lamu eta jalma mampu mikir. Pamandang model kieu teh dijadikeun cekelan ku para Ulama (Al-Mu’tamad) dumasar kana dawuhan Allah dina surat Al-Baqarah ayat 286 :

Allah teu ngabeungbeuratan hiji jalma kajaba saluyu jeung kamampuhna.

d) Sabagean Ulama nandeskeun yen iman Taqlid teh sah hukumna sarta henteu dosa lamun nu diturutna teh ngabogaan dalil tina Qur’an jeung Hadist.
e) Sabagean Ulama meunteun yen iman Taqlid teh sah sarta teu dosa boh keur nu mampu mikir boh keur nu awam, pameunteunna ieu dumasar kana Hadist Rasul nalika ngawalon patarosan ti saurang Badawi “Ya Rasulullah, kumaha carana sangkan lebet ka Sawarga?” Sarentek Nabi ngawalon “Geura ucapkeun ku anjeun!”

f) Sabagean Ulama ngagaduhan pamandang yen iman Taqlid teh sah, samalah lamun geus iman diharamkeun neangan deui dalil sabab bisi aya mangmang.
Tina sadaya pamandang Ulama nu tos kaunggel diluhur teh teu ngabaud kana ngeunaan masalah nu pokok (Mu’takad).

1. Iman Ilmu
Nyaeta kaimanan jalma mukallaf nu geus nyaho dalil nu bener. Ahluttashauf meunteun yen tingkatan iman sarupa kieu disebut “Mahjubun” atawa anu kahijab.

2. Iman ‘Iyan
Nyaeta kaimanan hiji jalma nu dibarengan ku ma’rifat sarta tashdiq, nu ngalenyepan sifat Ilmu, Sama, Basharna Allah sarta geus ngaranjing dina jiwana, nepikeun ka ngarasa sok didangu ku Allah sarta linggihna di Maqom Muraqobah. Ku ahli ma’rifat mah iman sarupa kieu teh dingaranan Iman’Ilmul Yaqin.

3. Iman Haqqul Yakin
Nyaeta kaimanan hiji jalma nu ngabogaan paneleuman nu jero, hatena mampu nyulusup ka Maqom Musyahadah, saupama ningali hiji makhluk, saharita manahna inget ka nu nyiptakeunnana. Kaimanan model kieu ngaranjingna jeung sifat Qudrat Allah.

4. Iman Haqiqat
Nyaeta kaimanan hiji jalma anu paneuleumna leuwih jero deui sarta ka- ma’rifatanna leuwih aheng deui dugikeun ka manahna teu emut deui ka makhluk, manahna tetep manteng ka Allah sarta linggihna di Maqom Fana. Kaimanan sarupa kieu dinamian oge Iman ‘Aenal Yaqin anu kaayaanna teh Majdub.

5. Iman Haqiqatul Haqiqat
Nyaeta kaimanan para Rasul, dina leresan dieu para Ahli Ushul hanteu masihan ta’rif.