Selasa, 09 Juni 2009

Sajarah Kangjeng Nabi Muhammad SAW



“Sajarah Kangjeng Nabi”



Gusti urang sarerea, Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad Jenengannana, Arab Qurais nya Bangsana.

Ramana Gusti Abdullah, Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeunna di Mekah, Wengi Senen Taun Gajah.

Robiul Awal bulanna, Tanggal ka dua belasna
April bulan Masehina, Tanggal ka dua puluhna.

Ari bilangan Taunna, Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambihna, Sareng sahiji punjulna.

Siti Aminah Misaur, Waktos babarna kacatur
Ningal cahya meni ngempur, Di Bumina hurung mancur.

Babar taya kokotoran, Orok lir kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan, Sarta harum seuseungitan.

Medal Nabi ahir jaman, Pirang-pirang kaanehan
Sesembahan bangsa setan, Kabeh pada karuksakan.

Nabi yuswa lima bulan, Geus tiasa angkat-angkatan
Yuswana salapan bulan, Geus capetang sasauran.

Yuswana sapuluh bulan, Tiasa ameng papanahan
Ngelehkeun budak nu lian, Tapi tara kumagungan.

Parangina Kangjeng Nabi, Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gede kawani, Sabar nyaah ka sasama.

Keur opat taun yuswana, Dibersihan manahna
Nabi dibelah dadana, Malaikat nu meulahna.

Jibril kadua rencangna, Mikail jenengannana
Ngeusikeun kana manahna, Ilmu hikmah sapinuhna.

Tuluy dada Kangjeng Nabi, Gancang dirapetkeun deui
Sarta teu ngaros nyeri, Dihap ku Khotamin Nabi.

Harita Nabi ayana, Di lembur Ibu inangna
Halimah jenengannana, Sa’diyah ngaran lemburna.

Rama Nabi kacaturkeun, Pupusna kacarioskeun
Basa Nabi dibobotkeun, Dua sasih kaunggelkeun.

Keur lima taun yuswana, Ditinggal pupus Ibuna
Tuluy dirawat Eyangna, Abdul Mutolib asmana.

Kersana Robbul ‘alamin, Kangjeng Nabi nu prihatin
Yuswa dalapan taun yakin, Eyangna mulih ka batin.

Sabada wafat Eyangna, Nabi dirawat Uwana
Abi Tolib kakasihna, Saderek teges Ramana.

Kangjeng Nabi sering pisan, Dicandak ka Nagara Syam
Sok nyandak barang dagangan, di dinya teh pajeng pisan.

Kacatur di eta Nagri, Loba Pandita Yahudi
Sarta Pandita Nasrani, Nu tepang jeung Kangjeng Nabi.

Sadayana sasauran, ieu jalma mo nyalahan
Pinabieun ahir jaman, Tauret Injil geus ngibaran.

Sipat Nabi panganggeusan, Aya di Anjeuna pisan
Hartina loba nu Iman, Ka Nabi ngangken panutan.

Lami-lami Kangjeng Nabi, Disambat ku hiji istri
Dagang ka unggal Nagari, Kauntunganna dibagi.

Istri jenengan Khodijah, Putra Huwalid ka telah
Nu pangbeungharna di Mekah, Ka Nabi ka langkung nyaah.

Siti Khodijah masrahan, Ka Nabi barang dagangan
Maisaroh nu ngarencangan, Ka Nabi purah nyarengan.

Kacarios Maisaroh teh, Loba pamendakna aneh
Ciciren Nabi nu soleh, Matak ngaherankeun kabeh.

Tatangkalan uluk salam, Mega bodas sok mayungan
Jeung aya cap kanabian, Dina salirana pisan.

Pamendak Siti Khodijah, Cocok pisan jeung Maisaroh
Ahirna Siti Khodijah, Ka Nabi mundut ditikah.

Harita yusawana Nabi, Salawe taun kawarti
Ngadak-ngadak sugih mukti, Tapi tambah saati.

Karesepna Kangjeng Nabi, Ka Gusti Allah ngabakti
Di Gunung Hiro maranti, Ibadahna saban wengi.

Di dinya jol kasumpingan, Jibril nu nurunkeun Qur’an
Kalawan dawuh Pangeran, Nabi didamel utusan.

Harita yuswanan Nabi, Pat puluh taun kawarti
Diutus ku Allah pasti, Nyebarkeun Agama Gusti.

Anu iman pangheulana, Siti Khodijah garwana
Abu Bakar kaduana, Sohabat nu pangmulyana.

Murangkalih nu nonoman, Anu panheulana iman
Sayidina Ali pisan, Ka Nabi saderek misan.

Jeung ari jalma beulian, Anu pangheulana iman
Sayidina Bilal kaleresan, Anu jadi tukang adan.

Ari lolobana pisan, Ka Nabi teh ngamusuhan
Nganiaya ngajailan, Teu aya pisan ras rasan.

Para sahabat kungsi ngalih, ka Nagri Habsyi nu tebih
Di dinya Anjeuna linggih, Kira kenging tilu sasih.

Samulih sohabat ti Habsyi, Kacarios Kangjeng Nabi
Kenging pohara cocobi, kersana nu Maha Suci

Uwana sareng garwana, Pada pupus duanana
Harita Nabi yuswana, Ka lima puluh taunna.

Geus pupus Siti Khodijah, Nikah ka Siti Saodah
Sareng Siti Aisyah, Ummul Mu’minin katelah.

Ti dinya kersa pangeran, Maparin kamulyaan
Ka Nabi nu ahir jaman, Kakasih nu sipat Rohman.

Nuju tanggal tujuh likur, Bulan Rajab nu kacatur
Nurut koul anu masyhur, Kangjeng Nabi teh disaur.

Dipapag ku Malaikat, Nyandak Buroq nu kasebat
Leumpangna teh cara kilat, Tunggangan Nabi angkat.

Ti Mekah ka Baitul Maqdis, Teu nganggo lami antawis
Ku jalma hanteu katawis, Kersana Gusti nu Wacis.


Ti Baitul Maqdis terasna, Naekna Tangga Kancana
Mi’raj tea kasebatna, Ka langit Nabi sumpingna.

Tujuh langit sadayana, Jeung ’Arasy nu pangluhurna
Disumpingan sadayana, Katut Surga Narakana.

Kangjeng Nabi ditimbalan, Ku Gusti nu sipat Rohman
Anjeuna kudu netepan, Solat muji ka Pangeran.

Kabeh jalma anu iman, Sami pada kawajiban
Solat nu lima giliran, henteu meunang dikurangan.

Solat eta minangkana, Dina Agama tihangna
Jalma nu luput solatna, Nyata rubuh agamana.

Kacarios dina jaman, Mi’rajna Nabi panutan
Yuswana teh kaleresan, Lima puluh dua jalan.

Kapir Mekah kacaturkeun, Barang Nabi nyrioskeun
Mi’raj lain dimulyakeun, Anggur pada nyeungseurikeun.

Pada hasud ngakalakeun, Ti dinya Allah ngersakeun
Kangjeng Nabi dialihkeun, Ka Madinah disirnakeun.

Per sahabat pirang-pirang, Nu bumela milu iyang
Milu ngalih sewang-sewang, Henteu pisan sumoreang.

Tambah kamulyaan Nabi, Di Madinah asal sepi
Jadi reme ku nu ngaji, Muji ka nu Maha Suci.

Sapuluh taun lamina, Di Madinah jumenengna
Agama Islam cahyana, Gumebyar kamana-mana.

Nagri Mekah diperangan, Ahirna kaboyong pisan
Nabi tambah kamulyaan, Yakin lain jijieunan.

Ari yuswa Kangjeng Nabi, Genep puluh tilu pasti
Maqomna dijero nagri, Madinah nagara suci.

Puputrana Kangjeng Nabi, Aya opat anu istri
Siti Zaenab nu kahiji, Ruqyah nu hijita deui.

Ummi Kultsum katiluna, Siti Fatimah bungsuna
Ari putra nu cikalna, Sidna Qosim kakasihna.


Sidna Abdullah rayina, Ibrahim katiluna
Eta nu genep putrana,Siti Khodijah Ibuna.

Sidna Ibrahim Ibuna, Mariyah jenengannana
Istri ti Mesir asalna, Tah kitu turunannana.

Putra nu pameget kabeh, Pupus keur aralit keneh
Nu istri carogena teh, para sahabat nu soleh.

Siti Zaenab carogena, Abul ’Ash jenengannana
Siti Ruqyah carogena, Sidna Ustman mimitina.

Geus Siti Ruqyah hilang, Anjeuna turun ka ranjang
Ummi Kultsum putri lenjang, Ditikah gentos nu hilang.

Caroge Siti Fatimah, Sidna Ali nu katelah
Bakaromallohu Wajhah, Anu kamasyhurkeun gagah.

Ari putu Kangjeng Nabi, Dalapan pameget istri
Siti Umamah jeung Ali, Ti Siti Zaenab kawarti.

Ari Sidna Abdullah mah, Putu ti Siti Ruqyah
Putu ti Siti Fatimah, Aya lima kabehna mah.

Tilu anu pamegetna, Sidna Hasan kakasihna
Sidna Husain kaduana, Sidna Muhsin katiluna.

Ummi Kultsum nu isterina, Ka Sidna Umar nikahna
Sitna Zaenab kaduana, Nurut ungeling wartosna.

Urang kudu cinta ati, Ka turunan Kangjeng Nabi
Poma ulah goreng ati, Sumawonna hiri dengki.

Ari mungguh Kangjeng Nabi, Nyaahna langkung ti misti
Ka umatna jaler istri, Leuwih ti sepuh peribadi.

Welas asih ka nu miskin, Sumawonna ka budak yatim
Pada seubeuh ku paparin, Kadaharan jeung pisalin.

Akuan ka urang kampung, Calik satata ngariung
Tara angkuh jeung adigung, Sanajan ka urang gunung.

Ka nu nyandak kasusahan, Gering jeung papatenan
Ngalayad sarta ngubaran, Ngajajapkeun ka kuburan.


Manis saur manis budi, Estu mustikaning jalmi
Sajagat mo mendak deui, Sae rupi jeung parangi.

Raray lir bulan purnama, Halisna lir katumiri
Waos lir intan biduri, Salira harum wawangi.

Estu kersaning Pangeran, Lain seungit diminyakan
Karinget pada nandean, Diparake seuseungitan.

Sakitu Nabi mulyana, Taya pisan adigungna
Angkat pungkureun sohbatna, Kalangkung handap asorna.

Anggoan kersa lumayan, Najan nu geus ditambalan
Kitu deui katuangan, Banget pisan dikurangan.

Betah dina kamiskinan, Lain sabab teu kagungan
Ngahaja bae ngirangan, Ngarah karidoan Tuhan.

Pirang-pirang mu’jizatna, Tawis kanabiannana
Qur’an nu nomer hijina, Mu’jizat nu pangmulyana.

Tangkal nu perang daunna, Sisiram tilas abdasna
Ngadadak loba buahna, Sarta hirup satuluyna.

Domba nu begang kuruna, Sartana Lapet susuna
Diusap ku pananganna, Ngadadak juuh susuna.

Dina hiji waktos deui, Sohbat kakirangan cai
Teras bae Kangjeng Nabi, Mundut cai anu kari.

Cai ngan saketel pisan, Taya deui anu liyan
Nabi neuleumkeun panangan, Dumadak tuluy manceran.

Cai mancer loba pisan, Kaluar tina panangan
Sela-sela ramo pisan, Cukup ku jalma rebuan.

Kacatur hiji Bedewi, Ngadoja ka Kangjeng Nabi
Nitah nyaur tangkal kai, Sina ngomong cara jalmi.

Tuluy tangkal teh disaur, Harita ku Kangjeng Rosul
Tangkal datang ngagulusur, Akarna teh digugusur.

Ngadeuheus ka Kangjeng Nabi, Uluk salam cara jalmi
Sanggeus kitu balik deui, Ka tempat asalna tadi.


Badwi ngan kantun heran, Ningal eta kaanehan
Tuluy bae asup Islam, Ka Nabi ngangken Panutan.

Salianna loba deui, Mu’jizatna Kangjeng Nabi
Mun diwincik hiji-hiji, Keur nulisna moal mahi.

He Allah nu sifat Rohman, Abdi sadayana Iman
Teu aya deui Pangeran, Liyan titi Anjeunna pisan.

Nu ngadamel bumi alam, Eawuh saeusina pisan
Nu wajib diibadahan, Taya anu nyasamian.

Sareng abdi iman deui, Ka Sidna Muhammad Nabi
Yen eta Utusan Gusti, Miwulang sadaya jalmi.

Nu sifat kapercayaan, Bijaksana tur budiman
Bener unggal sasauran, Najan saur kaheureuyan.

Ngajembarkeun Kangjeng Nabi teh, Ka jalma sadunya kabeh
Dawuh Pangeran nu soheh, Nu wajib diturutna teh.

Hurmat urang ka Anjeunna, Dina mangsa jumenengna
Sareng saba’da wafarna, Eta teu aya bedana.

Duh Gusti Jungjunan abdi, Sidna Muhammad habibi
Pamugi salira nampi, Ka nu hina diri abdi.

Abdi Umat ahir jaman, Anu banget panasaran
Horeng tepang ngadeuheusan, Seja tumut serah badan.

Di yaumil ahir pamugi, Abdi sing janten ngahiji
Sareng indung bapa abdi, Ngiring Gusti ka Sawargi.



Tammat, Wallohu Alam.